Ka warung kudu ayeuna
Tapina henteu jung wae
Abdi bogoh ka anjeunna
Tapina diantep bae
Guru nyantol pangajarna
Dibantu ku mahasiswa
Kudu getol diajarna
Ameh meunang beasiswa
Meuli hayam ka pa Haji
Kudu daek miarana
Lamun hayang bisa ngaji
Kudu getol diajarna
Ulah poho mawa kujang
Dibuntelna ku buntiris
Abdi bogoh ka si ujang
Rupa Kasep siga artis
Ninyuh kopi di bi Lilis
Mayarna kudu ayeuna
Lamun hayang kanu geulis
Kudu bisa ngarayuna
Jalan-jalan ka Ciater
Balikna mawa ayakan
Siga we jelema pinter
padahal eweuh otakan
Digeroan ku bu Lilis
Naha anjeun teu ngalieuk
Ti jauh mah meuni geulis
Padahal mah siga bueuk
Tidak ada komentar:
Posting Komentar